Sunda Wiwaha
Ngeunteung hirup kana kahirupan cai. Aya tilu hal nu kudu jadi eunteung tina kahirupan cai.
Nu kahiji, cai mah salilana bakal ngocor ti girang ka hilir. Ngandung harti urang kudu depe-depe handap asor. Tawadu ceuk basa agama mah. Cai oge salawasna bakal mere guna jeung manfaat ka saban wewengkon nu kacicingan atawa kaliwatan. Tegesna, mere sumber kahirupan, sabab langkana bakal dipiluruh, ayana bakal mawa katenangan. Ngan awas masing waspada mun seug cai murka, gunung nu jadi pakuning bumi bisa rata ku cai nu murka.
Kadua, cai salawasna bakal ngocor ngeusian walungan atawa wahangan nu saat. Ieu oge ngandung pieunteungan yen urang kudu bisa jadi insan-insan nu murah diri pikeun salawasna nulungan ka nu butuh, nalangan ka nu keur susah. Mun boga elmu amalkeun pikeun minterkeun nu bodo. Mun boga harta kudu berehan ka jalma-jalma nu katalangsara. Intina kudu bisa silih simbeuhan ku kaasih, kanyaah jeung kaheman ka sasama. Ieu hal teh jadi bukti yen diri teh keur silih eusian kakosongan dina kahirupan. Kudu manjing kana pitutur dawuh Insan Mulia, Khoerunnaas Anfa'uhum Linnaas.
Katilu, Cai bakal salawasna ngocor ka muara. Ieu oge ngandung pieunteungeun keur kahirupan. Hirup kudu siga cai nu istiqomah ka nu dituju, najan lalampahanana loba halangan harungan. Lila tur panjang lalampahanana tapi kalayan pinuh ku kadariaan jeung kasabaran akhirna nepi ka muara nu ditujuna. Sanajan dina lalampahanana tepung jeung batu nu ngahalangan, kudu mengkol heula ka walungan, wahangan, susukan, solokan jeung tempat-tempat sejena. Aya kalana sataun, aya kalana saminggu, aya kalana sapoe lalampahanana, tetep manehna teu poho kanu jadi tujuan nyatana muara. Tegesna, manusa kudu boga tujuan dina kahirupan, kudu boga visi jeung misi nu jelas, kudu boga udagan hirup. Bari kabehanana kudu sabar bari daria dina ngajalankeun prosesna, sabab dina ngisi kahirupan nuju ka tujuan akhir, nu wajib mah prosesna sedengkeun hasil eta mah bonus ti Nu MahaKawasa.
Caaag.
************* SAHADAT WIWIT ( 1 ) **************
Kacatur Hung Maha Buhun Kagundem Samemeh Purwa Kacarios Gurat Waktos Nu Maha Numprakeun Geugeut Sono Ngogo Mikaasih Ka Bibit Buitna Jalmi
Di Mandala Tengtrem Ayem Ti Saripati Cahaya Ngaligar Para Roh Jalma Wujud Hing Asmaning GUSTI Tinggeleber Rasa Bungah Atmaning Jati Manusa
Cahaya-NA Gumawangan Caang Wening Patanjala Jagat Darana Ngariksa Ngarungrung Seda Niskala Ngagebray Jagat Daranan Mandala Hurip Maruka
Roh Tacan Dikaway Raga Rengkakna Maha Mardika Wujud Cahya Nu Gumilang Reugreug Hurip Tingtrim Rasa Nikmat Tengtrem Teu Ngawilang Estu Sajatining Bagja
Lir Orok Nu Diayun Ambing Dipirig Ku Wirahma Suci Disimbutan Seungit GUSTI Buwana Luhur Ngarawih Ngidungkeun Silih Wawangi Niskalana Siliwangi
Ngarampih Lir Anu Tibra Padahal Menekung Galih Teuleum Di Sipatahunan Rusiahna Rahmat GUSTI Salaras Jatining Napas Sifat ALLAH Maha Wening
Geder Wahyu Sakalimat Janten Nami Balarea Para Roh Gararugah Renung Nyaruuh Waas Neuteup Alum Hing Wisesa Ka Hyang Batara Seda
Cing Saha Ieu KAULA Tingal Ku Panempo Batin Teuteupan Ku Mata Holang Aranjeun Geugeutna KULA Haridep Kakasih KULA Titisan Bagjana KULA
Duh ANJEUN Maha Ngayuga Ciptaning Rasa Sajati Cipta Gelar Kamulyaan Sembaheun Kami Nun GUSTI ANJEUN Sagala Galana SALIRA Pang Utamina
Nyakseni Kami Nyakseni Helaran Sahadat Wiwit Puja Punjung Mung Ka ANJEUN Maha Hirup Maha Hurip Deuk Sumamprak Taya Sesa Puseurna Sadrah Pangbakti
Duh Janji Kam Deuk Muhit Mo Jidra Moal Sulaya Janji Takwa Amal Bakti Nyanggakeun Ibadah Yaksa Disimpen Di Ubun Ubun Mahpal Sadurung Winarah
Can Wanci Deukeut KAULA Anjeun Handap KULA Luhur Hijrah Heula Ka Sawarga Diacukan Kaway Raga Anugrah Nikmat Ngalayah Sing Puas Taya Sudana
Duh GUSTI Kakasih Abdi Deuk Mundut Alim Disapih Hoyong Caket Hing SALIRA Sanaos Di Sorga Mewah Tangtosna Moal Nengtremkeun Kasiksa Sono Ka ANJEUN
Dipaksa Ku Nu Kawasa Dialihkeun Ka Nirwana Mangkat Ti Kahyangan Lir Manuk Haliber Ceurik Ngalabring Luhureun Waktu Ngabanday
09/06/2018
Click here to claim your Sponsored Listing.
Address
Jalan Lewi Muncang, No 86, Pasir Kumuli, Baros
Cimahi
40521