G.id

G.id

Share

28/02/2026

Hampura pisan jigana abi salah menduga.
Jujur awal kajadian teu kahaja melong,sumpah teu aya niatan arek ngaganggu atanapi ngagoda.
Ngan duka kunaon saprak eta jd timbul panasaran,awalna abi teu kahaja melong,ari pekteh akur ninggan didinya ge melong,tah saprak eta jadi katutuluyan,sabenerna abi teh panasaran naha melong sinis atanapi melong suka(punten bilih GR).
Abi teh tanda tanya pisan,lamun mah melong sinis naha salah naon?
Sampai pada akhirnya abi nyoba ngalempar senyuman bari manggut,ari pekteh didinya ge sarua ngalempar senyuman deui,nah berarti dugaan abi sinis terbantahkan nya.
Terus abi ngawawani nyamperkeun nanya langsung "ngarasa aya nu beda teu?"
Maksud abi nanya kitu teh bilih aya sesuatu nu salah kitu.
Jawaban didinya "teu aya bari gideug".
Eta abi sabenerna mah bade naros deui,mung abi ninggal aya bibi didinya palih wetan matak abi langsung ngaleos ge.
Tah maksad ngainbok didinya teh hoyong ngajelaskeun ieu bilih salah faham,da ari bade ngomong langsung face to face mah asa moal mungkin situasi na ge.
Jd ieu menurut kesimpulan abi mah memang salah faham nu teu kahaja.
Abi oge nyungkeun di hampura pisan nya bisi salah.
Terpaksa ku abi di jelaskeun didieu da teu aya cara nu lain.
Lamun tiasa mah sok bales ti inbok supaya abi ngemplong.
Saatos eta mah bilih bade di hapusan atanapi di blokir ge mangga teusawios.
Lamun mah tos clear,tos teu aya praduga/prasangka deui abi bade siga sabiasana deui,pemalu jeung pendiam.
Hatur nuhun

Want your business to be the top-listed Media Company in Garut?
Click here to claim your Sponsored Listing.

Category

Website

Address

Kp. Sukarame, Jalan Lengkong Jaya, Kecamatan Karang Pawitan
Garut
44182